5 Contoh Carpon Bahasa Sunda dan Struktur Lengkap
JAKARTA, celebrities.id- Contoh carpon Bahasa Sundaperlu kamu ketahui dengan benar dan tepat. Sebab materi satu ini sangat bermanfaat sebagai pembelajaran Bahasa Sunda.
Carpon sendiri merupakan sebuah cerita pondok yang berisikan karangan fiksi yang ditulis oleh penulis menggunakan Bahasa Sunda.
Karya carpon memiliki kemiripan dengan cerpen yang berisikan cerita pendek yang dibentuk dalam prosa modern.
Bagi kamu yang belum mengetahuinya, maka berikut Celebrities.id merangkum dari beberapa sumber, Minggu (12/2/2023) terkait lima contoh carpon Bahasa Sunda.
Deretan Contoh Carpon Bahasa Sunda
1. Contoh Carpon Pertama
Tugas ti Sakolaan
Oleh: Kustian
Di dinten minggu nu kalangkung, abdi sareng rerencangan saurna kedah ngadamel kueh kanggo pancen kerja lelompok ti sakolaan. Abdi, Susi, sareng Rani sasarengan minangka hiji kelompok.
Disakolaan keneh, abdi tos ngusulkeun kanggo ngadamel kueh bulu, sareng rerencangan sadayana satuju kana usul abdi. Sabab salian gampil, bahan-bahana kanggo midamel kueh oge kawilang gampil dipilarian sareng hargana teu awis.
Isukna sakigaran Jam 4 sore, abdi sareng dua rerencangan abdi tos kararumpul sadayana. Abdi, Rani, sareng Susi sasarengan ngadamel kueh teh di bumi abdi. Artos sadayana parantos di siapken samemehna, kitu oge sareng parabotan masakna.
Teu ngantosan lami, Susi sareng Rani angkat meser bahan-bahana di warung nu teu tebih ti bumi, sedengkeun abdi ngantosan di bumi sabari nyiapkeun alat-alatna. Teu lami oge, dua rerencangan abdi uih ti warung.
"Hayu buru, urang geura langsung bae ngadamel kuehna bisi kabujeng magrib!" Abdi langsung bae nyarios kitu. Kueh bolu teh dipidamel sasarengan, sareng teu hilap oge pun ibu abdi ngabantos masihan terang kana cara-carana.
Singket carita, bolu teh nuju di open. Sabuat ngantosan, abdi sareng rerencangan teh ngarobrol heula dipayunen bumi. Teu lami kadangu sora, " Tuh geura angkat kueh boluna, bisi kaburu tutung!" Saur ibu abdi ti jero bumi.
Abdi gera giru lulumpatan bari ningali kuehna. Mani sae pisan geuning bentukna saatos jadi teh, waktos di cobian oge sakedik, "Wah" mani karaos pisan rasana. Enjing isukna abdi nyandak kueh boluna ka sakola, kelompok abdi katingali bungah pisan, margi tiasa diajar ngadamel kueh.
2. Contoh Carpon Kedua
Nyieun Endog Gulung
Dinten Minggu kamari, abdi sareng rerencangan ngadamel endog gulung. Abdi, Ahmad, sareng Asep sasarengan minangka hiji kelompok. Tugas ieu kaitung gampil kusabab bahan-bahanna oge kawilang babari dipilarian sareng hargana teu awis.
Abdi jeung Ahmad sasarengan angkat ka bumi Asep dinten Minggu sore kanggo ngadamel endog gulung. Artos sadayana parantos disiapkeun samemehna, kitu oge sareng parabotan masakna. Teu pati ngantosan lami, Ahmad jeung Asep angkat meser bahan-bahan ka warung sedengkeun abdi ngantosan di bumi Asep sabari nyiapkeun alat-alatna. Tau kungsi lila, Ahmad jeung Asep torojol uih ti warung.
Hayu buru, urang geura langsung bae ngadamel endog gulung bisi kaburu maghrib!, ceuk abdi make nada nu rada teges. Singket carita, endog didadar ditambih bumbu-bumbu. Di tempat sejenna teu jauh ti abdi ngadadar endog, minyak goreng luhureun katel geus panas.
Ari geus kitu mah langsung bae eta endog nu didadar teh diasupkeun kana katel tuluy digulung-gulung make kai samodel tusuk sate.
Yeuh, jadi, euy, Ahmad surak lantaran endog gulung jieunan manehna geus jadi. Kitu oge endog gulung jieunan Asep nu katinggalina ngeunah sabab dibere saos. Sanggeus rengse, kabeh endog gulung nu geus kakumpul difotoan yen jadi bukti ka guru. Rasa endog gulung lain jadi partimbangan nu dinilai ku guru kusabab geus diwanti-wanti panilaian diitung tina kerja sama jeung hasil.
3. Contoh Carpon Ketiga
Angkat Sakola
Rifa Hendriani
Hawa isuk anu tiis maturan lngkah gurung gusuh Siti ka Sakola. Di jalan, anjeunna ningali ra rrncanganna angkat ka sakola nganggo motor, angkot, atawa kandaraan sjnna. Sakapeung mah Siti g hayang angkat ka sakola bari nyals, teu kudu lulumputan kawas kieu.
Lagi Viral Gen ZTaiwan Jalan Menunduk seperti Budaya Indonesia, Netizen: Beneran Apa Ngejek?
Siti sumping di sakola pas pisan bl disada. Mun telat samenit, anjeunna moal tiasa lebet ka sakola. Kark g rk asup ka kelas, salah saurang rncangna ngagorowok tarik pisan, Siti! Kabiasaan ih telat wa. Matakan mun angkat ka sakola th ari teu boga motor mah nak angkot, bh teu kabeurangan. Untung w can aya guruna. Siti cicing teu nmbalan cariosan rncangna. Hayangna mah kitu Siti g, mung anjeunna kudu hmat sangkan tiasa nabung keur mayar biaya sakola.
Saatos diuk dina korsina, ka kuping deui ku Siti sababaraha babaturan sakelasna ngomongkeun. Uyuhan ih telat wa. Ceuk kuring mah coba manhna th nak angkot, celetuk rncangna nu hiji. Heueuh ih. Padahal da ongkos nak angkot mah teu sapira atuh. Meuni pelit, tmbal nu lain. Manah Siti asa nyeri. Hayang ceurik harita knh, mung anjeunna kudu kuat.
Isukanana, Siti angkat ka sakola subuh knh. Langit g pok knh. Anjeunna hayang ngabuktikeun yn anjeunna moal kabeurangan deui.
Anhna, po ta jalan th mact. Kandaraan taya nu maju. Kitu og kandaraan rrncangan Siti, taya nu maju hiji g. Teras w Siti mapah di sisi jalan. Di tungtung jalan, katingali ku Siti yn di jalan th keur dibenerkeun, ta anu nyababkeun mact. Untung w Siti teu nak angkot.
Siti sumping di sakola lima belas menit sateuacan bl disada. Di kelas ngan saukur aya sababaraha urang, teu saperti biasana. Siti diuk na korsina teras ngaluarkeun buku pangajaranna.
Bl disada, nu aya di kelas ngan sapuluh siswa, kaasup Siti. Kamarana nu lainna? Taros Bu Minah. Teu acan Sumping Bu. Saurna mah kapegat mact, jawab salah saurang rrncangan Siti. Dua puluh menit saatos bl, ra nu daratang. Siti ngarasa bungah kusabab anjeunna teu kabeurangan deui jeung teu kudu ngaraosan mactna jalan.
4. Contoh Carpon Keempat
Liburan ka Bandung
Liburan taun kamari abdi sakulawargi angkat ka Bandung dina rangka liburan. Abdi sadayana angkat sapoe sanggeus nampi rapot. Dugi di Bandung, abdi sakulawargi ngadatangan tempat raramean jiga Dusun Bambu jeung Kebon Binatang.
Sanggeus bosen jeung dirasa puas, abdi jeung kulawargi mondok di hotel daerah alun-alun Salajengna, kaping 31 Desember abdi sakulawargi angkat ka bumina pun ua di Buah Batu, ngempel ngarayakeun wengi pergentosan taun. Abdi jeung kulawarga angkat ti hotel alun-alun kinten-kinten tabuh lima sore margi sieun macet di jalanna.
Dugi ka bumi pun ua pas azan Isya. Kinten-kinten tabuh 9 wengi acara dikawitan meuleum sate jeung beuleum ketan dicocol ku sambel oncom.
Kembang api sareng pepetasan tos ngawitan rame tingbaranyay di langit, endah pisan katingalna. Kaleresan bumi pun ua di tengah kota jadi katingali jelas. Puncakna, tabuh dua belas pas kembang api ti ditu ti dieu harurung nyaangan langit Kota Bandung. Subuhna, abdi sakulawargi sadayana mulang ka Bogor.
5. Contoh Carpon Kelima
Gagak Jadi Hideung
Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak.
Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh.
Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?
Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, Engga, gaaaa!. Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!









