31 Contoh Paparikan Bahasa Sunda Beserta Pengertiannya
JAKARTA, celebrities.id - Contoh paparikan bahasa Sunda dapat menambah pengetahuan Celeb Hitz dalam memahami tradisi daerah Jawa Barat.
Paparikan bahasa Sunda berisi tentang puisi bermakna sisindiran atau biasa diartikan pantun singkat. Paparikan dibangun oleh sampiran yang tidak mengandung arti, namun diikuti oleh isi yang bermakna arti sesungguhnya.
Karya sastra ini sudah jarang sekali ditemukan di pergaulan sehari-hari karena tergerus dengan adanya perkembangan media sosial dan gaya hidup modern.
Dilansir dari berbagai sumber pada Selasa (9/5/2023), celebrities.id telah merangkum contoh paparikan bahasa Sunda, sebagai berikut.
Contoh Paparikan Bahasa Sunda
1. Cikaracak ninggang batu
Laun laun jadi legok
Aya cakcak dina huntu
Lalaunan nya di lebok
2. Murak buah ditunggilis
Aya apel aya huni
Rarasaan anu geulis
Ari pek teh Nini-nini
3. Nu ngeunah sambel tarasi
Ngan entong poho lalabna
Nu ngagiding make dasi
Ngan poho can dicalana
4. Daun hiris dibeungkeutan
Dibawa ka juru leuit
Anu geulis ngadeukeutan
Hayangeun dibr duit
5. Hayang baju lima warna
Tapi embung kudu meuli
Hayang siga panggagahna
Tapi hese kana mandi
6. Kini-kini kuang-kuang
Akeup-akeup peupeureudeuyan
Nini-nini palay tuang
Diakeup peupeureudeuyan
7. Sapanjang jalan Cirebon
Jalan butut diaspalan
Sapanjang dijajah Nipon
Baju butut tatambalan
8. Tikukur macokan huni
kecok deui-kecok deui
beunang dipupur diponi
dekok deui-dekok deui
9. Damar kurung damar gantung
Damar siang pamidangan
Mun teu tulus ka si jangkung
Palangsiang kaedanan
10. Sumedang jalan ka Bandung
Tanjakan nagreg netek
Kahayang hate mah nyandung
Hanjakal nu kolot ambek
11. Aya listrik di masigit
caangna kabina-bina
aya istri jangkung alit
karangan dina pipina
12. Poe Saptu poe Kemis
Poe Kemis jeung Jumaah
Itu saha muril kumis
Kumisna panjang sabeulah
13. Teuing ku encer uteukna
Budi na katelah sae
Mun teu daekeun lanceukna
Adina oge keun bae
14. tu gunung ieu gunung
Diadukeun pakbeledug
Itu pundung ieu pundung
Marebutkeun mojang budug
15. Cau naon cau naon
Cau kulutuk di juru
Bau naon bau naon
Bau hitut nu di juru
16. Meuncit meri dina rakit
Boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh direbut batur
17. Cukleuk leuweung cukleuk lamping
Jauh ka sintung kalapa
Lieuk deungeun lieuk lain
Jauh ka indung bapa
18. Hampelas raraga jati
Palataran babalean
Iklas raga reujeung pati
Lantaran ti kahadean
19. Ka hilir hayang sidaweung
Ka kidul rek ngala nangka
Sing mikir ulah malaweung
Ngarah hirup teu cilaka
20. Samping kageutahan dukuh
di kelas di kacaikeun
Nu matak maneh sing kukuh
papatah guru imankeun
21. Aya manuk dina pager
Na sukuna aya bola
Lamung urang hayang pinter
Kudu getol sakola
22. Ka kulah nyiar kapiting
Ngocok endog bobodasna
Ulah sok liar ti peuting
Osok loba gogodana
23. Peupeujeuh ari ka dayeuh
Meuli kupat jeung gorengan
Peupeujeuh ari geus euweuh
Ulah ngupat kagorengan
24. Hayang pisan geura dahar
Ngan taya rencang sanguna
Hayang pisan jadi beunghar
Ngan kudu getol usahana
25. Majar maneh nganyam samak
Neukteukan bari motongan
Majar maneh neang anak
Ngadeukeutan popotongan
26. Kamari kuring diurut
Diurutna ka mang aleh
Ka indung bapa kudu nurut
Supados janten budak soleh
27. Boboko ragrag ti imah
Ninggang kana pileuiteun
Nya bogoh ulah ka semah
Ari balik sok leungiteun
28. Cau ambon dikorangan
Kanyr ka pipir-pipir
Lalaki ambon sorangan
Aww teu mikir-mikir
29. Baju hideung kancing tangan
Dikaput ku merang awi
Nu hideung matak teu nangan
Sing emut ka diri abdi
30. Leuleupeutan leuleuweungan
ngarah kekejoanana
Deudeukeutan reureujeungan
ngarah tetenjoanana
31. Leumeung teundeut cocongoan
Jalanna ka Rajagaluh
Meungpeung deukeut sosonoan
Jaga mah urang pajauh






