5 Contoh Biantara Bahasa Sunda yang Mudah Dipelajari dalam Berbagai Tema, Simak di Sini!

5 Contoh Biantara Bahasa Sunda yang Mudah Dipelajari dalam Berbagai Tema, Simak di Sini!

Gaya Hidup | BuddyKu | Senin, 7 Agustus 2023 - 22:50
share

JAKARTA, iNews.id - Inilah deretan contoh biantara bahasa Sunda yang mudah dipelajari dalam berbagai tema. Mengutip dari buku Pembelajaran Siswa Rawayan Basa Sunda, biantara adalah keterampilan berbicara untuk menjelaskan sesuatu di depan umum.

Dengan kata lain, biantara sama dengan pidato atau ceramah. Sementara itu, biantara dapat disampaikan menggunakan berbagai bahasa, termasuk bahasa Sunda.

Adapun contoh biantara berbahasa Sunda yang mudah dipahami adalah sebagai berikut.

Contoh biantara bahasa Sunda

Contoh biantara bahasa Sunda yang mudah dipelajari tentang pendidikan

1.Biantara tentang pendidikan

Assalamu\'alaikum Wr. Wb.

Ibu Guru pangajar Basa Sunda anu dipikahormat ku sim kuring, sareng rerencangan sadaya anu dipikacinta ku simkuring. Dina kasempetan ieu, simkuring bade ngadugikeun biantara singget ngeunaan Wajib Belajar Pendidikan Dasar .

Sapertos anu ku urang terang, Pamarentah Indonesia entos ngagratiskeun biaya pendidikan dasar salapan taun, nyaeta ti tingkat SD nepi ka SMP. Hal ieu teh dikasangtukangan kukayaan ekonomi unggal jalmi masarakat Indonesia anu beda-beda. Aya masarakat anu mampu, aya oge masarakat anu kirang mampu.

Pamarentah hoyong sadaya masarakat Indonesia tiasa meunangkeun pendidikan anu layak, boh anu mampu boh anu kirang mampu. Tujuan pangna Pamarentah ngawajibkeun ka sadaya warga nagara teh nyaeta sangkan warga nagara palinter.

Bangsa bakal sejahtera mun masarakatna palinter. Lamun masarakatIndonesia barodo, bangsa Indonesia moal bisa ngudag kamajuan nagara sejen jeung bakalkalindes ku kamajuan jaman. Diharepkeun dina diayakeun program wajar dikdas salapan taun, masarakat Indonesia tiasa lebih maju, utamana dina widang pendidikan.

Sakitu anu tiasa di dugikeun ku simkuring. Hapunten bilih aya kalepatan sareng cariosan nu teu merenah kanu manah. Hatur nuhun kanu sadaya perhatosan nana.

Wassalamu\'alaikum Wr. Wb.

2.Biantara tentang kesehatan

Assalamualaikum Wr. Wb

Wilujeng enjing ka sadayana, urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT nu atos masihan kasempatan sareng kasehatan. Nu mana urg tiasa patepang raray di acara ieu.

Ibu/Bapa guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, para wargi anu dipikahormat ku simkuring.

Dina waktos ieu abdi bade ngadugikeun pentingna urang ngajaga kasehatan kanggo hirup urang sadayana. Urang sadaya wajib ngajaga kasehatan sareng kabersihan lingkungan, teras urang teh kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten jeung cara anu sehat. Misalna meresihan awak pas urang keur ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, jeung sajabana. Tah eta teh conto cara hirup nu sehat.

Conto anu sanesna urang kedah miceun runtah di tempatna, teu kenging sembarangan, terus lamun nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin ge kudu nutupan bahan ambeh henteu nularkeun virus ka batur. Urang teh kedah mikacinta kanu kabersihan diri urang, sangkan hate urang ge suci jeung bersih.

Lamun urang hoyong janten jalmi anu jagjag waringkas, urang kedah soson-soson meresihan diri urang sorangan tina sagala kotor nu aya. Bade eta kotor jasmani atanapi kotor rohani, upami meresihan kokotor jasmani urang teh kedah mineng mandi, meresihan lingkungan, jeung sagala kokotor anu bisa nyebabkeun panyakit di diri urang.

Tuluy kumaha lamun bade meresihan kokotor rohani, carana nyaeta urang kudu ningkatkeun kaimanan urang jeung ibadah urang ka Gusti Allah. Ngan anu kudu diinget teh, sehat lain saukur bersih hungkul. Tapi urang kedah ngagerakeun jasmani urang nu matak ngajagjagkeun diri urang. Misalnya urang rajin olahraga.

Hadirin sadayana cekap sakitu pidato tentang kasehatan ieu, hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum Wr. Wb.

3.Biantara saat syukuran rumah baru

Assalamu\'alaikum warahmatullohi wabarokatuh..

Sadrk sakantenan anu ku simabdi dipikahormat, langkung tipayun mangga urang panjatkeun heula puji sinareng syukur kahadirat Alloh SWT.

Sabab, ku luhur limpahan nikmat sarta rahmatna urang ayeuna tiasa dipasihan knh umur panjang ku Allah SWT sarta tiasa nyondong ka ieu tempat.

Mugi-mugi luhur kehadiran dina acara tasyakuran ieu tiasa masihan mangpaat ka urang sarra, amin. Teu hilaf og shalawat sinareng salam mugi-mugi tiasa kacurahkeun ka junjungan nabi ageung urang sadaya nyata nabi muhammad saw.

Dimana anjeuna anu parantos masihan suri tauladan ka jalmi dugi ka urang terang bda manten anu haq sarta man anu bathil.

Dina raraga acara tasyakuran sakaligus minangka perkenalan simabdi ka bapa-bapa sareng wargi-wargi sakantenan anu tiasa nyondong ka ieu tempat, simabdi sakeluargi ngedalkeun rebuan nuhun umumna ka balarea nu aya dilembur ieu dina nyumponan uleman dina wengi ieu.

Perkenalkeun simabdi atas nami kulawargi bpk... , Alhamdulillah ku berkat kahadirat Allah SWT, luhur limpahan rahmatna pikanyaah sareng rizkina ku kituna abdi sakeluargi tiasa nempatan dibumi anu anyar ieu.

Teu aya sanes sarta maksad tujuan abdi sekeluargi nyata bad nyuhunkeun do\'a restu ka wargi-wargi sakantenan pikeun ngawidian dina nempatan bumi anyar ieu, sareng tatangga anu anyar dina balara lembur ieu.

Sadrk para tamu uleman anu ku simabdi dipikahormat, Minangka janten jalmi nu nemb di lembur ieu atos kuduna simabdi nyuhunkeun do\'a restu sarta dipasihan petunjuk sareng nasehat ngeunaan perkawis anu peryogi ku abdi terang, sangkan tiasa hirup ngarendeng sareng tetanggi wargi di lembur ieu.

Sadrek anu dimulyakeun ku allah sadaya, sakitu ba minangka perkenalan singket simabdi ka bapa-bapa sareng wargi-wargi sadayana. Mangga ditampi hidangan sareng tuang leut alakadarna ieu mugia tiasa ditampian.

Simabdi nyuhunkeun di hampunten nu saageng-ageungna ka bapa sareng ibu, saderek sakantenan lamun aya perkawis-perkawis anu kirang ngawidian di hat para wargi-wargi sadayana.

Sa ngeunaan tempat, jamuan-jamuan atanapi panghormatan anu kirang merenah di hat, sakali deui simabdi sakeluargi menta dihampunten tina sagala kahilapan sarta kirang langkung na, sareng ngucapkeun rewu nuhun ka wargi-wargi sadaya anu paratos tiasa nyumponan kana uleman dina dinten ieu. Akhiru kalam..

Wassalamualaikum warahmatullohi wabarkatuh..

4.Biantara tentang kemerdekaan

Sateuacana, hayu urang panjatkeu puji sareng syukur ka Gusti Allah SWT. Anu tos maparinkeun rahmat-Na ka urang sadaya, dugi urang tiasa kempel di acara dinten ieu.

Hadirin anu dipikahormat ku simkuring, Bapak Kapala Sakola, Bapak/Ibu guru anu dipikahormat, sareng rerencangan simkuring anu dipikacinta.

Dinten ieu alhamdulilah urang tiasa kempel sareng patepang raray dina urutan meriahkeun hari kamerdekaan Indonesia.

Urang periyogi ka uninga, yen di zaman baheula the seueur pisan pangorbanan para pejuang dina ngabelaan kamerdekaan nagara Indonesia.

Matak ku kituna, urang salaku warga nagara Indonesia generasi penerus bangsa, sareng kedah neruskeun perjuangan para pahlawan urang.

Carana nyaeta diajar sing giat jeung ngawujudkeun cita-cita urang pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa Indonesia.

Tepi sabenerna, seuer keneh hal-hal anu tiasa dilakukeun ku urang sadaya sebagei generasi muda dina rangka ngeusian kamerdekaan Indonesia.

Contona ngajauhkeun diri urang tina pangaruh narkoba, jauhkeun diri urang tina pergaulan bebas, tawuran anu ngabahayakeun nyawa, jeung sajabana anu mawa pangaruh buruk jang diri urang.

Hayu urang sami-sami ngalakukeun hal positive atau aya mangpaatna jang diri urang, misalna nyieun prestasi di sakola, seueur maca buku nu berguna, diajar sing bener di sakola, jeung sajabana.

Rupina mung sakitu pidato ti simkuring, hapunten saupami dina biantara ieu aya cariosan anu salah atawa kirang merenah dina hate aranjeun.

Wassalamualaikum Wr.Wb.

5.Biantara tentang sopan santun

Assalamualaikum warrahmatulohi wabarakattuh.

Wassolatu wassalamu ala sayyidina Muhammadin, waala alihi wasohbihi wasallam. Robbi sohli sodri wayasirli amri, wahlul ukdata min lisani yafkohu qowli.

Puji sareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Alloh Subhanahu Wataala, anu parantos masihan rahmat sareng hidayahna kanggo urang sadayana, margi urang tiasa ngumpul ngariung di tempat anu dimulyakeun ieu.

Teu hilap solawat sareung salam urang curahkeun ka junjunan sadayana nyaeta kanjeng Nabi Muhammad Sholallohu Alaihi Wasallam.

Bapa/ibu anu dipikahormat, sareung sadayana rerencangan anu dipikaheman tur dipikadeudeuh, dina kasempatan ieu, abdi bade nyandak biantara anu tema na teh sopan santun.

Sopan santun teh nyaeta salah sahiji adab anu kedah aya dina diri urang. Sabab, pami urang sopan sareung santun, komo ka anu saluhureun mah, anu pentingna mah ka ibu rama, pasti bakal dipikaresep, dipikaheman, sareung dipikadeudeuh.

Sopan santun oge bakal nyandak hal positif sareung manfaat kanggo diri urang sadayana. Salah sahijina dina kahirupan sapopoena.

Contoh sopan santun dina kahirupan sapopoe nyaeta hormat ka ibu rama, ka guru, sareng anu saluhureun, paripolah anu sae, tutur bahasa anu sae, patuh kana sagala aturan, jeung sajabana.

Rupina biantara singket ti abdi oge dianggap cekap, kalawan ditutup ku pantun:

Buah tomat, buah peuteuy

Tamat euyyy

Akhirul kalam, Wassalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.


Demikian beberapa contoh biantara bahasa Sunda yang mudah dipelajari. Semoga bermanfaat.

Topik Menarik