3 Contoh Wawancara Bahasa Sunda Singkat

3 Contoh Wawancara Bahasa Sunda Singkat

Gaya Hidup | BuddyKu | Senin, 10 April 2023 - 13:07
share

JAKARTA, celebrities.id - Contoh wawancara Bahasa Sunda singkat dapat menambah referensi kamu saat membuat materi dengan bahasa daerah.

Teks wawancara sendiri merupakan bentuk penyajian informasi berupa tanya jawab antara pewawancara dengan narasumber. Teks ini ditulis dalam kalimat langsung dari narasumber.

Adapun sebelum wawancara perlu mempersiapkan pewawancara, latar belakang narasumber, tema, pertanyaan sesuai tema dan latar waktu serta tempat.

Dilansir dari berbagai sumber pada Senin (10/4/2023), celebrities.id telah merangkum contoh wawancara bahasa Sunda singkat, sebagai berikut.

Contoh Wawancara Bahasa Sunda Singkat

1. Contoh Pertama

A: Assalamualaikum Wr, Wb.
B: Walaikum salam Wr, Wb. Aya perlu naon kadieu?
A: Punten ngaganggu waktosna Pak. Simkuring ti kelas XII IPS bade ngawawancara kanggo tugas basa Sunda ngeunaan pendidikan.
B: Sumuhun, mangga lajeng
A: Kehiji, abdi hoyong terang nami bapa?
B: Nami abdi Ipung Saripung.
A: Naon posisi bapak di Dinas Pendidikan dan Kebudayaan Kota Gambir?
B: Abdi di dieu salaku salah sahiji staf pikeun ngembangkeun kurikulum pendidikan.
A: Sabaraha lami bapak dina posisi ieu?
B: Kurang leuwih 20 taun, jang.
A: Damelna naon wae?
B: Loba
A: Hatur nuhun, Kang Ipung kana waktos sareng perhatosanana.
B: Mangga..
A: Assalamualaikum mang
B: Waalaikum salam Wr. Wb.

2. Contoh Kedua

A: "Assalamualaikum wr, wb. Punten tiasa abdi nyuhunkeun waktosna sakedap kanggo ngawawancara ngenaan kana pentingna urang ngagaduhan cita cita?"
B: "Waalaikum salam, mangga tiasa."
A : "Nurutkeun salira, naon sih sabenarna pentingna urang ngagaduhan cita-cita atanapi ngarancang kahayang teh?"
B: "Sabab cita-cita teh mangrupakeun tujuan tina kahirupan urang saenyana, ngarancang kahayang atanapu ngagaduhan cita cita teh penting pisan keur diri urang, supados urang langkung sumanget dina ngajalankeun kahirupan."
A: "Kumaha jadina lamun sasaurang teu ngagaduhan cita cita?"
B: "Urang bakal ngarasa kabingungan, sabab urang teu ngagaduhan tujuan dina kahirupan."
A: "Salaku pelajar, kumaha carana sangkan urang tiasa ngahontal cita-cita kasebat engkina?"
B: "Salaku pelajar, tantuna urang oge parantos terang kumaha carana ngahontal cita-cita teh, carana nyaeta diajar sing ka getol mimiti ti ayeuna."
A: \'Saenyana, hese apa henteu dina urang nyumponan cita cita teh?"
B: "Saenyana tina ngagapai cita-cita teh teu hese, lamun urang bener-bener di ajar di sakola ti ayeuna. Lamun di leukeunan pasti cita-cita urang bakalan ka cumponan."
A: "Kunaon urang kudu ngagaduhan cita-cita sing ka luhur?"
B: "Maksadna urang kudu miboga cita-cita sajangkung langit teh, urang ulah asa-asa keur ngagaduhan cita-cita anu luhur. Urang kudu percanten ka nyalira yen urang teh bisa ngahontal cita-cita urang sorangan."
A: "Nah, cekap sakitu wae wawancara singket ti abdi, hatur nuhun kana waktos sareng jawabanana, ayeuna abdi langkung terang kana pentingna urang ngagaduhan cita cita teh."
B: "Muhun sami-sami, sawangsulna."
A: \'Wassalamualaikum wr, wb."
B: "Waalaikum salam wr, wb."

3. Contoh Ketiga

A: Assalamualaikum, Hapunten ngawagel waktosna pak.
B: Waalaikumsalam, muhun mangga neng.
A: Punten Pa, sateuacanna tepangkeun nami abdi Rania, bade nyuhunkeun waktos na sakedap, abdi bade aya nu ditaroskeun wios pak?
B: Sumuhun, mangga Neng, bade naroskeun naon nya?
A: Abdi bade tumaros perkawis jualan sayur nu bapak.
B: Sumuhun, sok mangga atuh?
A: Bapak ngajual sayuran ie perhari kenging untung sabaraha ?
B: Aduh Neng, penghasilan Bapak mah henteu tangtos neng, kumaha oge pajeung henteuna, nya kadang 500.000 kadang ngan 300.000 untungna teh.
A: Upami bapak buka warung sayur ie ti tabuh sabarah dugi iraha bukana?
B: Ti tabuh 06.00 dugi ka tabuh 15.00 WIB.
A: Sayuran naon wae anu ku bapak di jual ?
B: Aya kangkung. wortel, kentang, tomat, cabe, bawang sareng nu sanesna deui, tiasa oge kumaha pesenan ti langganan nu bade balanja ka die.
A: Upami kitu, hatur nuhun pisan parantos dibantos pak, iyeu teh kanggo tugas sakola abdi.
B: Sami-sami, mugia engke Neng janten jalmi anu sukses, lancar sakolana.
A: Aamiin, hatur nuhun bapak.

Topik Menarik